Hatur nuhun Ema..
Ema, gede pisan rasa pikanya'ah nu Ema pasihkeun ka abdi.. Teu pernah Ema ngarasa cape pikeun ngabimbel abdi..
Ema sagalana pikeun abdi..
Ema, malaikat nu pernah aya dina hirup abdi..Ema pasihan abdi cinta anu nyata..
Ema, abdi menta hampura..
Can bisa ngagapai impian jeung harapan pikeun ngabahagiakeun ema
Abdi hoyong ceurik, nangkeup kenceng, di pangkuan ema. Kadang, abdi osok inget basa keur letik bahela nu calik di pangkuan ema..
Hampura abdi ema..
Nu sering nyien ema ceurik karna tingkah laku abdi.. Mungkin sering oge abdi nye-nyerikeun hate ema..
Hampurakeun abdi pisan ema..
Abdi alim durhaka ka ema..
Ema, izinkeun abdi nyium pean ema..
jeung ngabahagia keun, ngajagaan ema terus salamina.
Memang. nu abdi lakukeun ieu moal pernah bisa..Bisa ngabales kabeh kasih sayang nu pernah ema pasihan ka abdi..
Nuhun pisan ema, entos ngajaga'an abdi ti leutik nepi ka gede kieu
Nuhun oge tos masihan kasih sayang, nu moal mungkin bisa abdi boga selain ti ema.. Abdi nya'ah pisan ka ema salamina..!